Koko Koswara, nénéhna Mang Koko, lahir di Kacamatan Indihiang, Tasikmalaya, 10 April 1917. Ramana Ibrahim alias Sumarta, anu aya teureuh ti Sultan Banten (Sultan Hasanuddin).
Anjeunna kagungan putra 8, diantawisna Tatang Benyamin Koswara (ayeuna pupuhu Yayasan Cangkurileung) sareng Ida Rosida (salah sawios panembang kahot sareng kungsi maén sinetron "Inohong di Bojongrangkong").
Atikan anjeunna dikawitan ti HIS (1932), MULO Pasundan (1935). Mang Koko kalebet anu ta'at sareng patuh kana agamana (Islam).