Wednesday 13 October 2010

Karinding Kawung Alat Musik Tiup Tradisional Sunda ti Tasikmalaya

Karinding mangrupikeun salah sahiji alat musik tiup tradisional Sunda.

Aya sababaraha patempatan anu katelah dina ngadamel ieu karinding, samisal ti wewengkon Citamiang, Pasirmukti, Tasikmalaya, anu nyieun karinding tina palapah kawung.
Ti wewengkon Limbangan sareng Cililin mah, karinding teh dijieunna tina awi, ieu nyirikeun taun dijieunna, jeung anu makena nyaeta para istri, ningali dina wangunna jiga susuk ngarah gampil ditancebkeun dina gelungan rambut.

Sedeng bahan kawung lolobana dipake ku lalaki, wanguna leuwih pondok ngarah bisa diselapkeun dina wadah bako. Wangun karinding aya tilu ruas.

Cara Ngamaenkeun

Cara Ngamaenkeun Karinding diletakkan ke mulut sahingga menggetar, terus jadi resonansi suara untuk mengatur nada. Permainan karinding biasanya dimainkan lima orang, paling sedikit ku tiga orang, satu diantaranya sebagai Rhythm , biasa disebut juru kawih.

Di daerah Ciawi, Tasikmalaya, baheula mah Karinding teh dimainkan ku Takokak (alat musik bentukna seperti daun).

Kagunaan

Karinding mangrupa alat keur ngusir hama di sawah. Sora anu dihasilkeun tina vibrasi jarum karinding nyaèta sora handap low decible, malahan mah takokak nyieun sorana tina gesekan alat jeung garis dampal leungeun, tah sora anu kaluar ngan kadenge ku sabangsa wereng, simeut, jangkrik, manuk, jeung sajabana. Kiwari disebutna sora handap èta tèh ultrasonik.

Tah keur anu ngamaènkeunana ngarah betah di sawah tèh nyaèta disorakeun ngagunakeun baham ngarah resonansina jadi musik. Kiwari, karinding kadang dipadukeun jeung alat musik lianna.

Cara maénkeun karinding bédana jeung alat musik jenis mouth harp lianna nyaèta ditepak, sedeng alat sejenna ditoèl, ieu ngagampangkeun dina manggihan wirahma anu loba, malah mah ketukan tina waditra karinding ieu disebutna Rahel, nyaèta keur ngabedakeun saha anu kudu nepak tiheula nya makè rahèl kahiji, anu kadua makè rahèl kadua jeung saterusna.

Ku euyeubna sora nu dijieun ku karinding mah bisa nyieun sora kendang, goong, saron bonangna, karasa, atawa bass, rhytm, melodi sagala, tepi ka bisa nyieun lagu ku karindingna sorangan, ieu sabab beda dina cara nepak jeung nyieun sora dina baham leuwih hampang.

Cék kolot, baheula mah ngalagu teh bisa ku karinding, lamun urang tos parigel dina ngulinkeun sora karinding, bakal kapanggih jeung nyieun sora keur ngomong, tapi sora anu kaluar sada sora robotik.

Aosan ieu tiasa ditingali oge di http://su.wikipedia.org/wiki/Karinding

**

tos diposting oge di Group TTD ping 13 October 13 2010 jam 9:33pm

No comments:

Post a Comment

linkwithin

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...