Thursday 29 April 2010

Kota Tasik 1950 (tulisan ka 1)

"Baraya , pribados ngagaduhan seratan pamasihan ti pun bapa ngeunaan kota Tasik , namun hapunten ieu seratan teh saleresnamah kanggo pribados mung aya patula patalina sareng Tasik ku pribados dipedar didieu maksadna kanggo nambihan warta ngeunaan Tasik Baheula." ~ Andri S. Krisnaya

Seratan ti pun Bapak (Red. Kang Andri)

Sateuacan Tawang Gantungan janten dayeuh (ibu-kota) Kabupaten Sukapura, ti anggalna dayeuh ieu parantos janten salah sawios kota penting di tatar Priatim (Priangan-Timur). Di dinya aya wa-ngunan Asisten Residen, panguasa pangluhurna pamarentahan Walanda di Tawang Gantungan sareng saurang Patih Lulurah

Kantenan tambih-tambih pentingna saparantos aya rel kareta-api (taun 1887), Tawang janten pusat perdagangan, didinya diwangun gudang kangge nampung kopi sareng hasil pertanian sanesna. Kakaren gudang ayeuna masih tiasa kasaksi, hiji gedengeun stasion palih wetan, payuneun bumina pun besan almarhum, anu hiji deui peuntaseun stasion caket pamuteran hulu kareta.

Para pangersa teu kenging ngabayangkeun suasana kota Tasik taun 50an sapertos kaayaan ayeu-na (waktos ieu lalakon diserat taun 2006). Taun 50an suasana kota Tasik estuning masih sepi. Mobil sa-reng motor masih langki. Mung kaum the-have sareng patugas pamarentah anu sadidinten galasar-gulu-sur dina kendaraan roda opat sapanjang ruas jalan kota Tasikmalaya.

Karamean lalu-lintas didominasi ku delman, keretek, sado, roda, padati, beca sareng kareta-mesin. Nanging kangge ukuran harita, Tasik minangki Ibukota Kabupaten janten puseurna hirup-kahirupan di ta-tar Galunggung, kota kadua pangramena di tatar Priangan saparantos Bandung, pangageungna di Priangan Timur ditema ku Garut, Sumedang, Banjar sareng Ciamis.

Tasik oge tangtosna janten pusat pamarentahan, pusat industri rakyat, pusatna kasenian, sareng agama, pusat perbelanjaan. Urang pakampungan di sabudeureun kota Tasik, milari kipayah, pangupa diri, balanja sareng hiburan ka kota Tasik. Tasik janten pangdeugdeugan urang pakampungan, janten impian urang pasisian. Kapirajeunan sok kakuping kalimah : "Teu taun kali kami nincak dayeuh, teu kacipta ra-mena Cihideung. Heuheuy-deudeuh, euceu, ari balik ti pasar kuring mihape oleh-oleh, mangkahade poho mihape Kueh Gem, Lemonade atawa Sarsaparilla". Padahal anu nyarios urang Cikalang, kirang ti lima kilometer ti Cihideung.

Bayangkeun, anu disebat Kueh Gem teh mung sabangsa kueh Mari, baruleud lalembut, saukuran kancing mantel. Duh tetebiheun sareng oleh-oleh jaman ayeuna sapertos Dunkin Donat sareng Fried Chiken, ditambih leueuteunnana sapertos Coca-colla. Nanging kangge mangsa eta mah Kueh Gem sa-reng Lemonade kalebet salah sawios oleh-oleh bergengsi. Pabrik limun Exlesior anu meroduksi limun Lemonade sareng Sarsaparilla ayana di Jl. Pangadilan payuneun SD Pangadilan. Di SD eta pun bojo, pun anakTeteh Yanti sareng pun incu Birru kantos sakola.

Harita kaum bapa anu ngalangkung di jalan seueur keneh anu ngangge iket disorendang sarung, dikampret bodas rangkepan, kancing ngahaja dibuka supados katawis kaos kurungna anu ilaharna warna bodas nyacas, atanapi sepuh anu dibestong (meryayi), aya oge anu ngangge geulang bahar. Oge sering mendak anu ngalangkung bari nyesep padud, nyesep ngangge pipah gading-gajah, ngangge iteuk hias (iteuk husus kangge nampang ala Walanda). Malih sindir sinden Upit Sarimanah, kacapanon riben (Ray-band) pindah kana tarang harita leres-leres masih aya. Sabagian kaum Bapa ngangge pantalon, sabagian deui masih ngangge pangsi. Kaum bapa anu ngangge pangsi sampeanna ngangge tarumpah tina karet Ban mobil bekas, kreasi urang Jawa Tengah, sapertos tampilan Aki Madrai.

Kaum ibuna masih ngangge stelan kabaya sareng sinjang, disanggul ngangge tiung disampaykeun, nyalopa (ngais ku sinjang kebat) bari dipayung-siem (payung tina keretas). Diantawisna seueur keneh anu nyeker (teu ngangge sendal). Nanging kaum ibu terpelajar biasana seneng ngangge rok, sweater, sareng hoskut (house-coat). Ukur kaum ibu bangsa walanda sareng cina anu seneng ngangge lancingan. Kaum istri Cina seneng ngangge lancingan tina bahan kaen warna bulao sapertos warna lancingan Satpam ayeuna. Para istri Cina ilaharna disebat Sengke, sampeanna lalembut ukuran sapatu 29-30 ngahaja ti oorok dibakutet (dibeungkeut), dipeureut dihambat perkembangannana, kapan eta saurna upami nyonya sengke leumpang katawis ti pengker imbitna giplek-cendol, pamandangan endah, maparin nikmat kangge nu mandang, penderitaan membawa nikmat. Penderitaan ka nu dipandang, nikmat ka nu mandang.

Nyebat ka kaum Bapa tiasa rupi-rupi : akang, kai, bapa, engkang, sste kumaha pernahna sareng pantesna. Ka sasama biasana sok nyebat : sobat, baraya, atanapi lur (singgetan tina dulur). Ka sahanda-peun nyebat ujang atanapi anaking.

Ka kaum Ibu oge tiasa nyebat rupi-rupi, sapetos euceu, ceuceu, embok, Ibu, ˜Ema eta oge sami ku-maha pernahna sareng pantesna. Ka sahandapeun biasa nyebat nyai, nyi, eulis, geulis, enung atanapi enok.

Ka menak, masih aya sebatan juragan sareng gamparan, tangtos bae eta kakaren jaman feodal. Na-nging saluyu sareng perkembangan jaman, hal sapertos kitu saeutik-saeutik robih, gentos wanda sapertos kaayaan ayeuna.

Di kota, kumargi pangaruh budaya sareng pendidikan Walanda, utamina di kalangan intelek, ka pameget saluhureun biasa nyebat oom (um), ka kaum istrina nyebat sus, tante atanapi mevrouw. Saper-tos mevrouw Sukinah, istrina juragan Kartaman direktur Apothek Priangan.

Ka istri anu masih anom atanapi lanjang, biasa nyebat non (nonih). Contona Non Sumarti, Nonih Iceu, sste.

Salajengna lepas kamerdikaan, masih dina suasana perjuangan, ka sasama biasa nyebat Bung (eta mah kreasi Bung Karno). sapertos Bung Hatta, Bung Atmaja, Bung Yusuf, Bung Hadi sste, sami-sami re-kan saperjuangan. Malih saur Upit Sarimanah dina haleuangna :

kaditu gunung kadieu gunung
mana lega-lega teuing
kaditu abung kadieu abung
mana loba-loba teuing abung
.... sste


Saluyu sareng motto divisi Siliwangi : hilang satu tumbuh seribu. Seueur abung hartosna renung me-kar rebuan kusumah bangsa di palosok, di suklakna di siklukna, siap ngabela Endonesia.. (ejaan ala Bung Karno) taneuh suci bangsa urang.

Taneuh suci ? Suci warna bodas dina bandera urang, perlambangna bersih. Urang hirup tina saripa-tina taneuh Indonesia. Taneuh Indonesia ngabagi rata hal eta ka sakumna rahayat Indonesia, kum teu diwilah-wilah. Sipat anu seneng babagi tanpa pambrih tanpa pandang bulu tangtos gaduh sipat suci, we-ning tur adil. Henteu lepat upami urang nyebat taneuh Indonesia taneuh suci urang ! Malih Paus (pingpi-nan umat Nasrani), dimana bae jut lungsur tina tangga pesawat, osok langsung nyium taneuh. Paduli ta-neuh saha bae (kaetang taneuh di nagara Muslim), nganggap sadaya taneuh di muka dunya suci. Jalaran parantos maparin hirup-kahirupan ka sadaya umat manusa.

Nanging ulah lali, umat Islam langkung-langkung ti Paus, dina sadinten-sawengi moal kirang ti 34 kali wajib sujud. Umat Islam ngahaturkeun nuhun kana kasucian taneuh ka Gusti anu Maha Suci sanes ku lambey, nanging ku taar. Sapengkereun taar tempatna uteuk manusa, sentralna akal. Hirup manusa di-tungtun ku akalna (hirupna manuk dianteur kujangjangna).

Upami aya anu tumaros dimana puseur Kota Tasik taun 1950 ? Walerannana nyaeta : Pal-Enol, balok batu kilometer angka enol gedengeun tembok Bui (Lembaga Pamasyarakatan) di ujung kidul Jalan Pasar-Kolot (ayeuna Jl. Dokter Sukardjo), sisi wetan rel kareta-api Tasik-Singaparna, peuntaseun Bioskop Megaria (kapungkur mah gedong Sositet). Gedong husus paranti hiburan bangsa Walanda.

Totogan pal-enol di juru Gedong DPR aya papan tuduh-arah, tina titik eta ngabalungbung jalan ka tilu arah. Nunjuk ka wetan ka arah Manonjaya, ka kidul ka arah Cibalong, Bandung liwat Garut. Ka kaler ka arah Bandung liwat Ciawi, ka arah Cirebon sareng Banyumas.

Ahir taun 1950, ditengah parapatan eta kantos dipasang setopan manual, saurang pulisi, warna seragamna Khaki (gidril = goodriil) sapertos warna seragaman padamel Otonom (Pemda), muter-muter papan kotak-opat Setop-Jalan gumantung kana karamean lalu-lintas. Warna dasar papan setop-jalan nya-eta hejo-daun kangge Jalan, warna beureum kangge Stop, warna aksarana hideung. Tanda setop-jalan diputer sacara manual, diputer-puter ku panangan pulisi.

Urang Tasik taat hukum, dina hal ieu hukum lalu-lintas, sanaos ti salah sawios arah mung ngalang-kung hiji kareta-mesin, enggal Pulisi muterkeun Stop ka arah anu sanesna. Sadaya kendaraan ti arah anu sanes rampak liren, padahal arus kendaraan anu disetop kendaraan arageung tru kendaraan anu bade ngalangkung ukur hiji kendaraan super ringan roda-dua. Nanging sadaya taat aturan, sabar ngantos hiji kareta mesin ngalangkung, nembe kagiliran jalan. Duh, kacipta upami setopan-manual masih dipasang jaman ayeuna. Pulisina tangtos bakal stress, para supir ayeuna teu sabaran, telat saeutik tangtos klakson reang ting jarerit, sapalihna deui mungkin dugi ka nyadakeun sirine, tina jandela mobil mastaka supir tiang arelol, atanapi peureup ting aracung.

Jaman eta lalu-lintas nyaris luput tina musibah tabrakan. Margi sadaya sarwa alon, teu acan aya istilah ngebut. Suasana estuning ayem tengtrem. Awis-awis kakuping kelakson. Ku nguping gerung-gerungna mobil atanapi kotoplakna Kuda oge, kendaraan di payun anu langkung boyot tahu-diri enggal nyisi, maparin fasilitas ka kendaraan sapengkereunnana.

Di ahir, setopan manual digentos ku setopan listrik tilu warna (beureum, koneng, hejo) hiji-hijina di kota Tasik, ngagantung ditengah parapatan sositet sareng pal enol. Nanging teu lami dibongkar deui, mungkin nembe eksperimen, atanapi dianggap masih kirang loyog margi volume kendaran harita teu acan padet sapertos di parapatan Braga Bandung atanapi Harmoni Jakarta. Saur Wa Ajo, Stopan model kitu mah makan listrikna ageung. Oh mungkin oge GEBEO harita kalintang ngirit setrum.

Upami nyawang nguriling tina Pal-Enol, di Jalan Kabupaten (Jl. Oto Iskandardinata) ngujur ka arah wetan diantawisna ngaberes bangunan Bui (pangberokan, Lembaga Pamasyarakatan), tilas gedong KMS (Gedong Golkar ayeuna), Gedong Kapatihan (kantos janten Gedong Walikota Tasik), Kodim (tilas Hotel Central), Rumah Sakit, Kantor Kajaksaan (ayeuna R.S Jasa Kartini), kantor PU Kabupaten, SMP Negeri, sareng Lapang (Alun-alun).

Peuntaseun gedong-gedong anu ngaberes nembe, ti kulon ka wetankeun ngaberes Pasar Ceplak, Kantor Kas Keuangan (Kantor Dinas Pariwisata ayeuna), Kantor Pos, Kantor Pagadean (Pakgade), di tungtung wetan paeunteung-eunteung sareng alun-alun aya Hotel Pemandangan, bumina keluarga pa Uu Iskandar, toko Potret Melati, sareng warung Emi Kocok.

Ka kaler ka arah Jl. Pasar Kolot aya Bioskop Garuda, Toko Beusi Garuda, Dekrey (Percetakan) Galunggung, peuntaseunnana aya Toko Kopi Cing-cong.

Ka arah kulon ngajengleng Masjid Agung, peuntaseunnana sapanjang Jl. Kaum-Kaler, aya sajumlah Losmen. Losmen, Warung-Nasi sareng pusat jajanan tuang-leueut. Di Jogyakarta anu disebat losmen sabangsa Hotel, di Tasik anu dimaksad Losmen hartosna warung nasi, urang Tasik memang unik, teu benten nyebat Taksi waktos ngawitan gumelar Angkot awal 60 an, padahal mobil angkutan anu diguna-keun Mini-Bus modifikasi tina Pick-Up. Dugi ka ayeuna sok kapirajeunan aya keneh anu nyebat taksi kana angkot, utamina kaum sepuh ti pasisian. Padahal anu saleresna wujud Taxi sedan.

Upami ngalih posisi ningal nguriling ti parapatan Dawolo payuneun toko Babah-pengkolan (kapungkur Toko Mas Sentral). Ka arah wetan sareng kaler, katawis Tenes-Ban, Tangkal Caringin kahot, Bui, Bioskop Megaria, Bioskop Capitol, Masjid Agung, dikalang rel Kareta-Api Tasik-Singaparna sareng Jalan Kaum Kidul. Ka arah kulon ngabalungbung Jalan Kaum Kidul tembus ka Zwembad Gunung Singa, Bioskop Merdeka, Markas Tentara sareng Pasar.

Ka arah wetan ngajegir gedong rumpung tilas Kantor Asisten Residen, patinggi Belanda pangluhurna di Kota Tasik. Di juru parapatan payuneun gedong rumpung aya tugu Pangeling-ngeling 17 Agustus 1945, jangkungna kinten-kinten 3 meter, dasarna bentuk segi lima di kuriling rante beusi dicet beureum-bodas. Upami mangsana ngabuburit, heg nuju sae dintenna, dina tugu eta reuteum ku barudak, rupi-rupi pamolah sareng kamonesannana. Payuneun Gedong rumpung kapamengan ku jalan Pagadean aya Tenes Band. Anu dimaksad Ban didieu sanes ban gilinding, nanging band setrip, garis bodas wates lapang tennes. Tuh kan aneh deui nya !

Ka arah kidul ngabalungbung Jalan Singaparna (Jl.HZ Mustofa ayeuna), pusat perbelanjaan kasohor di Tasik, tempat toko-toko arageung ngical rupi-rupi barang san-dang-pangan sareng kaperyogian sanesna. Paranti baralanjana kaun the have tea. Di Jalan Singaparna eta pun aki kantos muka Restoran pangageungna saTasik, Restoran A. Memed (1942-1957), saterasna ngalih ka Kebon Tiwu.

Kitu sakilas pamandangan puseur kota Tasikmalaya dekade 50an.

Ulah hilap, jalaran taun ngagulusur, ayeuna sagalana parantos robih. Nya naon atuh anu anggerna ? Teu aya sanes mung sorotna Srangenge, di tingali ti palih kidul (ti palih Restoran A. Memed) upami en-jing-enjing panonpoe angger kaluarna osok luhureun gedong Landraad, ngagulusur luhureun bui, tengah dinten wanci lohor panonpoe pas luhureun Masjid-Agung, surupna di tutugan suku gunung Galunggung.

Nitenan kaayaan eta sim kuring babalagonjangan nyerat sabait puisi, wawangsalan yen hirup manusa teu aya bentenna lir ibarat perjalanan srangenge nu unggal dinten ngalangkung luhureun puseur kota Tasikmalaya :

gumelar tina enol kahade pinanggih sareng teu raos (bui)
diauban moncorongna cahaya wujud kaadilan (landraad)
hiburan mah aya ditengah-tengah (bioskop)
tengah dinten dimana sadar luhureun katuhanan (masjid)
di ahir surupna hirup mendak kaagungan (gunung galunggung)
sami sadayana mung numpang liwat
(nik, 1978)

Upami waktosna manjing magrib, ti Kaum (Masjid-Agung) kakuping bedug ditema sora Adzan ngiris-ngiris, lapat-lapat ngalaeu matak sararedih, tararebih panineungan, sanaos teu acan aya sepiker nanging soanten Muazin kakuping dugi ka tebihna.


Ngayuh ka wengi, bruy-bray lampu-lampu sapanjang Jl.Singaparna, di toko-toko Cina lampu neon hurung-herang nyaangan papan reklameu sareng etalaseu. Teu kakantun Restoran A.Memed oge hurung-herang dipulas cahaya lampu neon.


Tasik di waktu malam, ramena ukur disabudeureun komplek Bioskop, utamina di lelewek Losmen A.Memed, Losmen Jajuli, Bioskop Capitol, Bioskop Mustika sareng sapanjang pusat jajanan Jl. Kaum-kaler, oge di Bioskop Garuda ujung Jl. Pasar Kolot pengkereun Bui. Pusat jajanan Pasar Ceplak ayana taun 1957, di lokasi gedong DPR payuneun Bui.

Pal enol tiasa disebat teu kantos suwung, siang-wengi janten pusatna karamean kahirupan urang Tasik. Dina titik eta puseurna : Pamarentahan, Ibadah, kaadilan perdagangan sareng Hiburan. Mungkin pola kota jaman eta, ngandung falsafah :

Laksanakeun kipayah, agama sareng drigama
Satuntasna, nembe hiburan.
Ulah lali, dimana melencing,
Kaadilan bicara, bui bageannana ? (
Abah Encu, Jl Sukawarni)

Sadaya bioskop bubarna pukul 23.00, beca tingsulabreng muat panumpang. Panongton anu marulih ti Bioskop Capitol seuseurna urang Cina, bioskop Capitol husus muter film Cina (Taiwan, Mandarin). Urang Cina mah tara kana beca ieuh, bubar ti bioskop ngabring ka daerah Cihideung bari gocret (ku basa babah) teu kakantun bari ngambeng koaci atanapi kacang-asin.

Kunaon Bioskop rame ku panongton ? Kapan harita mah teu acan mantra-mantra aya TV, VCD sste. Bioskop hiji-hijina tempat hiburan urang Tasik (kangge anu gaduh artos), sapertos urang Cihideung. Bang-sa urang mah bada isya biasa we masuk gowok, mung jalmi-jalmi anu tangtu anu masih ngulayaban dina suasana wengi, sapertos para Pulisi penjaga kaamanan, ronda-malem, para ungkluk sareng lalaki mata karanjang, oge para penarik beca. Lepas pukul 21.00 sadaya toko, warung sareng losmen tutup. Aya sa-bagian toko Cina ti kawit Adzan ashar parantos tutup.

Kajabi bioskop Garuda, Megaria sareng Capitol, aya deui dua Bioskop sanesna nyaeta Bioskop Merdeka (Parahyangan) sareng Bioskop Santosa di Jl Gn Sabeulah kagungan dr. Utoyo. Bioskop Merdeka husus muter film-film India, bioskop Santosa bebas muter film campuran nanging seuseurna film-film Nasional, sapertos film Jenderal Kancil, Comando Coddy, Rin Tin Tin, Antara Tugas Dan Cinta, Semalam Di Malaya, Beranak Dalam Kubur, sste. Film-film kolosal sapertos : Ten Comandemen, The Last Day of Pompei, Behaviour Woman, sste biasana diputer di Bioskop Garuda.

Manjing tengah-wengi Tasik simpe, sadaya warga Kota istirahat. Samar-samar ti tebihna kakuping sora kohkol, lami-lami nyaketan, teras nebihan deui. Upami kaleresan sim kuring lilir, sok nyumput han-dapeun bantal, ngadedempes sieun ku anu namina Ronda. Saur Wa Ajo : "Ronda teh gagayabagan (euh, meureun we da diharudum sarung), huluna buleud (diberekos), pananganna anu sabeulah gorowong (beuteung kohkol memang gorowong), panangan anu sabeulah deui panjang-mencos (nyepeng pana-kolna). Lamun aya budak teu daek bobo, ronda sok gogorowokan, aluk-alukan". Ih baiiid ! Anumari dimana nincak bada isya sadaya murangkalih kedah enggal bobo. Anehna sim kuring percanten we kana dongeng Wa Ajo.

Wanci janari ngawitan aya abringan Gowengan anu bade baralanja ka Pasar, eta oge sami gocret (mung basana basa Sunda), anu digocretkeun rupi-rupi ilaharna sabudeureun barang dagangan, sareng.. kasusah.

Saluyu sareng ngarayapna waktu, abringan anu milari kipayah tambih siang tambih seueur, nu milari kipayah bur-ber ka sagala arah. Patalimarga nguliat. Tukang susu-sapi nganteuran ka toko-toko sapan-jang jalan protokol, di unggal lawang toko anu masih nutup anjeunna nyimpen sabotol dua botol susu-sapi haneut. Toko-toko ilaharna buka Pkl. 08.00. Botol susu aman, teu aya anu ngaganggu.

Ti palih kaler ti arah Gunung Cupu, wanci janari parantos rabul anu bade masar. Sapertos tukang opak, tukang daun, tukang ranginang, tukang bilik, tukang taraje, sste. Anu dimaksad kecap tukang di dieu nyaeta warga masyarakat anu bade aricalan, tukang opak hartosna anu icalan opak, tukang taraje anu dagang taraje. Ti palih kaler abrulan biasana nyeungeut obor barangbang, dikupat-kapit supados seuneuna tetep hurung nyaangan jalan sorangeun.

Tukang taraje nanggeuhkeun taraje dagangannana dina sambarang tatangkalan di buruan-buruan saha bae anu kalangkungan. Aranjeunna mangkal di parapatan-lima (saleresna layak upami disebat sim-pang-lima, parapatan hartosna opat liliwatan)

Ti arah wetan utamina ti palih Awipari, ngabrul anu marikul rupi-rupi lauk icaleun ka pasar. Tanggu-ngannana bentik bari ngarekot ngairama.

Ti kawit toko-toko buka, Cihideung nguliat deui. Ngabanding napas perniagaan Pasar anu ti janari keneh parantos hudang. Tasikmalaya enjing-enjing eta hirup deui. Enjing-enjing saterasna oge moal ben-ten ti kitu.

Unggal subuh upami dintenna sae, urang Cina Cihideung parantos aya handapeun Babancong di alun-alun, ngahaja nyubuh maseuhan sampean ku cai remis supados sehat. Anu ngurilingan jalan sa-budeureun alun-alun oge seueur, sport bari nyawalakeun lengkah-lengkah perniagaan engke siang. Dupi urang Sunda mah wanci subuh teh moro-moro Masjid-Agung bilih kakantun solat berjamaah, deuheus ka Hyang Agung. Teu janten soal, salah-sawios mangpaat solat di lahir kangge urang Sunda (anu ngalak-sanakeun) sabanding sareng sportna urang Cina di alun-alun.

Hiji-hijina Gareja Kristen di Jl Selakaso, gedengeunnana aya sakola Zending. Di sakola eta Mamih Siti Munigar kantos sakola dugi ka lulus kelas genep. Anumawi Mamih Igar mah pinter basa Walandana, margi guru-guruna urang Walanda. Gareja ieu unggal dinten Minggu pinuh ku kaum Nasrani anu ibadah, nanging didominasi ku urang Walanda sareng urang Cina anu aya di Tasik.

( Hanca )

Sumber : tulisan kang Andri S Krisnaya di http://www.tasikmalayakota.go.id/forum/viewtopic.php?id=1311

dipedar deui di Group TTD ping 29 April 2010 at 5:43pm

No comments:

Post a Comment

linkwithin

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...