Wednesday 3 March 2010

Alun-alun, Hiji seratan ti pun Bapa

Saur penulis Tan Koen Swie (Kediri 1927) : Upami jalan-jalan ka basisir, nyawang ka tebihna, ningal lambak ngajurungkunung, maju lajeng puyar dina amparan keusik bodas. Teu lami sumping lambak anu sanesna, deui … deui … kitu saterasna.

Dina basa Melayu, wujud cai laut anu ngajurungkunung, manjang lajeng maju, ditema ku anu sanesna, alon ngairama, kaayaan cai laut sapertos kitu disebat aloen. Cai anu mengalun, cai laut anu motah, tara pernah cicing. Cai laut anu mengalun tawisning digerakkeun ku hiji daya.

Dina woordenboek wedalan taun 1927, kapedak aya kecap daining (gelombang). Lajeng aya kecap saaloean (sehaluan), allen in dezelfide richting van eene richting. Ngahiji dina hiji pihak, satujuan dina kiblat (arah) anu sami.

Kangge langkung nandeskeun hiji kaayaan, urang Tasik sering ngucapkeun mindo kecap, misalna : jalan-jalan, alun-alun, sste. Hal sapertos kitu naon istilahna, urang sanggakeun ka ahli basa Sunda. Kecap alun, tumerap kana ilat urang Tasik janten alun-alun, malih di ahir nyebatna lapang.

Jaman kapungkur pola hiji puseur pamarentahan minimal kedah ngandung unsur-unsur : ayana wangunan pendopo, babancong, alun-alun, sareng tangkal caringin. Pendopo Kabupaten Tasikmalaya oge gaduheun unsur-unsur eta. Alun-alun pernahna persis payuneun pendopo, di sisi tengah aya babancong.

T.H Mayer nyarios : anu disebat alun-alun nyaeta, open vlekte of plais, meet voor woningen van in landche grooten. Tanah lapang terbuka di hiji dukuh, payuneun wangunan bumi gegeden bangsa pribumi. Mungkin anu dimaksad wangunan di dieu nyaeta pendopo.

Gumelarna kecap alun-alun tangtosna waktos jaman walanda. Dina sejarah Sunda kapungkur teu kapendak aya kecap alun-alun. Wujud alun-alun mungkin parantos aya ti tebihna, nanging istilahna sanes alun-alun.

Aya patarosan, dupi kecap alun-alun ukur aya di tatar Sunda ? Kumaha halna di urang Jawa, atanapi di seler bangsa Indonesia sanesna sapertos anu aya di Papua, NTB, Sulawesi, sste.

Alun-alun Tasik ti kapungkur janten saksi rupi-rupi kagiatan umum, pait sareng manis. Rupi-rupi kenangan diantawisna, taun 60 awal, payuneun babancong kantos dijajarkeun genep peti jenasah anggota tentara anu tiwas ku katelengasan gorombolan. Salajengna para korban dikurebkeun di Taman Makam Pahlawan Karoeng. Aranjeunna leres-leres pahlawan kebek ku tanda jasa.

Taun 66 di alun-alun Tasik kantos diayakeun upacara ngalepas sapasukan guru-guru sukarelawan tugas ka Irian Barat. Sanes dipiwarang perang nanging supados maparin kapinteran ku rupi-rupi elmu anu mangpaat kangge penduduk anu enggal merdeka. Hal anu henteu dilakukeun ku bangsa Walanda.

Sapalih anggota pasukan guru sukarelawan henteu kantos mulih deui ka Tasikmalaya, kantenan nincak deui alun-alun, aranjeunna dina mangsa pangsiun kadung betah di ranah Papua, malih aya anu tiwas waktos ngajalankeun tugas. Nu ieu mah lerea-leres disebat pahlawan tanpa tanda jasa, malih terlupakan oleh pemberi tugas dahulu.

Hiji mangsa waktos awal pamarentahan presiden Suharto, sakolompok kaum sepuh cireumbay waktos nyakseni babancong diburak. Dina babancong eta taun 40-an Bung Karno kantos pidato, nyumangetan rahayat supados mertahankeun kamerdikaan. Salajengna dina babancong eta dikumandangkeunnana parentah hijrah ka Jogyakarta kangge para anggota TNI nu aya di Tasik, dina babancong eta panampian deui pasukan TNI anu nembe ngalaksanakeun Longmarch.

Di Alun-alun Tasik diayakeun upacara militer, Komandan Upacarana Kolonel A.H Nasution salaku komandan Divisi Siliwangi anu munggaran.

Taun 30 - 40an, even pertandingan maen-bal (sepak bola) diayakeun di alun-alun Tasik. Sae pertandingan akbar (antar klub ti luar kabupaten Tasik), oge pertandingan latihan (spel). Nongton maen-bal harita saurna gratis. Nembe nincak taun 60an, alun-alun digedeg, nu nongton kedah mayar. Di alun-alun eta gumelarna pahlawan lapang hijau Tasikmalaya sapertos : Jatma, Udin, Oyo, Gurcita, sste. Oge di alun-alun eta masyarakat awam ngawitan nguping istilah bal-bliter, bal anu eusina balon karet dikompa. Kulit luarna tina kulit sapi, upami kahujanan janten beurat.

Jaman eta kota Tasik teu acan gaduheun lapang stadion, aya oge lapang Pangaduan Kuda (arena pacu kuda) Lapang Dadaha.

Di alun-alun Tasik kantos disalanggarakeun Sircus India sareng Sircus Oriental. Kangge anu munggaran urang Tasik ningali wujud gajah sareng sato galak sanesna, sapertos singa sareng maung.

Di alun-alun Tasik kantos diayakeun pertunjukan perdana Sendratari Galunggung Ngadeg Tumenggung, karya Wahyu Wibisana. Sendratari kolosal, di panggung terbuka anu salajengna diayakeun di Karang Resik sareng di Jakarta, taun 1966.

Di alun-alun Tasik kantos diayakeun pertunjukan aeromodelling ti klub Vortex ITB Bandung, sareng rupi-rupi kagiatan Pandu Udara kaitan sareng kadirgantaraan.

Dugi ka ahir 50an, alun-alun Tasik populer di kalangan babah sareng ona ti Cihideung, unggal enjing aranjeunna sport, ngabaseuhan sampean ku ciremis, kongkow ngeunaan rupi-rupi hal dugi ka bray sinar sareng nyorot panasna panon poe.

Di alun-alun Tasik pasukan Hansip Godam dihukum ku Dandim, gara-gara saurang anggota di barisan payun beresin, pas nalika Dandim pidato. Bentuk hukuman kedah baris Tasikmalaya-Manonjaya PP. Saha pasukan Hansip Godam ? Teu aya sanes pasukan para pelajar STM Negeri anu kasohor baladeur tapi pinter. Raksukan seragamna ngahaja tina bahan blue-jean lokal anu enggal pisan belel sareng kambuy. Tilu-opat sasih oge parantos tidak layak pakai, jalaran persis rebig.

Alun-alun janten kenangan manis para pelajar kapungkur, di dinya aranjeunna ngayakeun kagiatan olah raga. Lari kuliling lapang, vollyball, sste. Malih di dinya aranjeunna nyulam kisah kasih.

Di alun-alun kantos diayakeun Pasar Malem, rupi-rupi prosesi, even resmi sapertos mieling HUT Kamerdikaan R.I, di dinya oge kantos disalanggarakeun netepan Idul Fitri, pertandingan Tilawatul Quran, malih terminal pemberangkatan calon haji, sste.

Di alun-alun Tasik handapeun babancong tempat mangkal tukang Combro Lengkong, camilan pavorit siswa anu nembe rengse olah raga.

Pedaran tadi dina raraga maparin gambaran alun-alun Tasik tempo doeloe.

Saparantos aya kabijaksanaan mager alun-alun, ngarobih fungsi tina utilitas janten khusus, alun-alun Tasik ilang komarane (saur Ki Dalang Musa alm). Anu dimaksad fungsi utilitas nya sapertos kagiatan umum anu dipedar di luhur. Anu dimaksad fungsi khusus nyaeta fungsi husus kangge taman. Taman raket kaitannana sareng endah. Endah sawates kabutuhan soca.

Kumaha kaayaan alun-alun kota Tasik wangkid ayeuna ?
Halo … halo … para fotografer, tolong tayangkan hasil jepretannya. Biarlah gambar berbicara, supados urang Tasik nu aya di pangumbaraan janten aruninga. Alun-alun anu kawitna janten kereueus urang Tasik, ngadadak robih matak pikaisineun (?).

Alun-alun Tasik masa kini, paling banter sataun sakali diangge arena ngabuburit. Atanapi janten tempat rahasiah bursa para penjaja seks (kitu oge upami luput tina soca para petugas kaamanan), oge ayeuna janten ajang nampang para penggemar rupi-rupi speda motor.

Saurang bule anu nuju ider kota Tasik nyarios : Ieu nyah alun-alun Kota sdrk teh ?

Pramuwisata kapaksa ngawaler : Ooh … ieu mah nembe prototip pialun-aluneun (pameunteuna beureum lingsem).

Bule mikir : Padahal dina buku panduan Pariwisata Kota Tasik kaunggel, di tempat eta kantos digelar rupi-rupi peristiwa anu layak dicutat dina sejarah Kota Tasikmalaya (diantawisna sapertos anu dipedar ku sim kuring di luhur ). Yaach mana kutahu, aku jauh berjalan, kubayangkan alun-alun Tasik seindah Wellington Square, buktinya baru protip. Sial banget aku ini.

Nanging sang pramuwisata nyarios lebeting Manahna : "Mudah-mudahan si bule henteu kapokkeun jalan-jalan ka kota Tasik, mudah-mudahan dimana anjeunna mulih deui ka Tasik (jaga) prototip pialun-aluneun parantos ngawujud janten alun-alun anu representatip, asri, komaraan, endah, nyaman, sareng sagudang deui istilah-istilah sapertos Welington Square."

Eta mah sanes dialog beneran, ukur rekaan. Dalah sim kuring nyalira teu acan kantos nincak Welington Square, teu acan pernah terang kumaha sareng dimana ayana. Nembe beja, saur turis mancanegara anu diaanteur ku pramuwisata.

Nanging saupami leres-leres para pangersa nyarengan tatamu ti luar negeri, heg nampi patarosan model kitu, kumaha tah waleran sdrk ? Pasti rupi-rupi, gumantung saha anu ngawalerna. Untung sim kuring parantos liren tina tugas nganteur-nganteur tatamu, tangtos moal aya anu tumaros model kitu. Nanging di luar dugaan, patarosan sumpingna ti pun incu, waleran kangge anu ieu mah teu tiasa diwaler ku sim kuring sorangan, kedah ragem waleran ti urang Tasik umumna.

Jaman ngagulusur. Aya patarosan sanesna, naha mungkin sadaya alun-alun parantos robih fungsina ? Mungkin masyarakat jaman ayeuna henteu peryogi deui ku alun-alun ? Upami leres sapertos kitu naon atuh anu janten marga lantarannana ?

Upami kaleresan sdrk aya di luar kota Tasik, mugi keresa sacoret mah medar ngeunaan alun-alun dimana bae. Maksad anu utami kangge landong urang Kota Tasik anu kangen gaduh alun-alun pikareueuseun, sapertos alun-alun kota Tasik jaman kalangkung.

Salam hormat kangge Bapa ADJ, ES, CS

Salam manis kangge para pangersa dimana bae ayana.

**************

Seratan ieu p
edaran ti kang Andri S Krisnaya nu ditulis di grup TTD ping 3 Maret 2010 (1:38 WIB). 

No comments:

Post a Comment

linkwithin

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...