Wednesday 3 March 2010

Manuk Hideung - Bodas

"Pur kuntul kari tunggul lar gagak kari tunggak".

Ah … eta mah sakadar paribasa. Katideresa, katindih ku kari-kari dituding berbuat kumargi nyampak di tempat kajantenan (alibi). Dina realita, dimana kuntul sareng gagak hiber, anu ngari kantun tunggul sareng tunggak. Palih dieu pantesna tunggul sareng tunggak disebat patilasan, tilas kuntul sareng gagak eunteup.

Urang Tasik anu wangkid ayeuna linggih di kota-kota ageung dimana bae ayana, utamina golongan seventeen ka handap tangtos seueur anu teu acan uninga kana bentuk manuk kuntul sareng gagak. Nanging teu kedah ringrang, mungkin duirentein Bandung, Kebon Binatang Ragunan, Taman Burung TMII, Gembiraloka Jogyakarta gaduheun koleksi dua manuk eta.

Detail data spesifik ngeunaan ginealogis, biologis, spesies sste urang sanggakeun ka para ahlina. Dina pandangan awam, boh kuntul oge gagak masing-masing gaduh kaistimewaan.


Gagak bangsaning manuk predator, anu dimangsa ku gagak manuk-manuk lalembut. Postur gagak ngagaludra, lancip aerodinamis, ngamungkinkeun hiberna gesit, lincah tur cepet. Warna gagak ti ujung pamatuk dugi ka tungtung kuku cekerna sarwa hideung, persis warna kostum nangdo, ninja atanapi tokoh satria baja hitam.

Sapasang panon nyorot tajem, milari titik-titik lemah sasaran, sok sanaos aya dina kaayaan poek henteu mangaruhan paningal, tembus ka tebihna lir ibarat lensa zoomer awas kana bagian-bagian lembut obyek. Aktivitasna henteu kawates ku suasana, siang wengi, candra haleungheum sami gesitna.

Dina buku kuno bangsa china aya hiji resep : "saupami hoyong ningal mahluk gaib bangsaning lelembutan, dina mangsa samagaha, tewak hiji gagak, potong, dicandak sapasang panonna, keueum dina arak putih tilu dinten tilu wengi, dituang. Hiji wangi anu sepi jempling, kaluar, ulah heran ulah kaget upami ngadadak tiasa ningal wujud mahluk gaib bangsaning lelembutan."

Leres henteuna wallahu alam, anu puguh di dinya aya unsur samagaha, gagak sareng wengi, hartosna sagala hideung. Unsur arak raket kaitannana sareng mabok. Kolaborasi antawis poek sareng mabok, mungkin ngahadirkeun bayang-bayang maya mahluk gaib bangsaning lelembutan. Ah … eta mah sakadar hipotesa versi sim kuring.


Sora gagak, peuyeuh, kasar tur handaruan. Dimana gagak ngagorowok osok nimbulkeun suasana magis, kantenan waktos lembur nuju simpe, geueuman matak muringkak bulu punduk. Ku sepuh kapungkur disebat koreak, saurna dimana koreak disada eta totonde tawisning bakal aya papait malih papaten.

Taun 50an mangsa sim kuring kelas IV Sakola Dasar, dina buku Soember Aroem aya hiji dongeng : Gagak Maling Kere. Waktu gagak euntreup dina regang kai, diolo ku tumang (begitu) supaya gagak nyoara. Gagak kapancing, nyoara, kere dina pamatukna lagrag. Tumang dihandap rikat nyanggap kere, mangpret kana rungkun.

Dina buku sanesna kakantun pun biang (alm) aya carios Ook en Kraai (Kuntul sareng Gagak). Pertarungan hideung sareng bodas, antawis awon sareng sae. Diahir si awon serah bongkokan ka si sae.

Pangaruh gagak sempet nyerep kana kahirupan masyarakat Sunda, kapendak aya sababaraha kecap anu ngandung unsur gagak, sapertos : Gagak Ngelek (potongan totopong), Gagak Reang (kaitan sareng kaayaan tanah), Gagak Lumayung, Gagak Rimang, sste.

Manuk anu hiji deui nyaeta Kuntul. Ieu oge sami, perkawis sagala data spesifik urang sanggakeun ka ahlina. Dina pandangan awam, kuntul kalebet manuk ranca, akrab sareng kahirupan masyarakat sabudeureun ranca.

Bulu kuntul sarwa bodas, sok pipindahan (migrasi) numutkeun musim. Dimana hiber osok ngabentuk squadron-squadron, bentuk huruf V tibalik atanapi garis lempeng nyerong. Mangrupi formasi endah. Formasi sapertos kitu janten hiji ungkapan contemporary : Holopis Kuntul Baris. Dipopulerkeun ku Prasiden Soekarno.

Ciri khas bangsa kuntul salamina ngolompok, sae nuju ngapung ngawang-ngawang atanapi nuju grounded. Kaayaan sapertos kitu dimangpaatkeun ku urang Tasik janten nami hiji kawasan : Kampung Riung Kuntul. Kawitna daerah eta mungkin pasawahan lega atanapi ranca. Subur ku lauk lalembut ngondang para kuntul ngolompok di dinya.

Numutkeun toponimi, kabiasaan jalmi kapungkur ngaabadikeun hiji tempat ku cara nerapkeun hal-hal anu nonjol di eta tempat. Sapertos Gunung Huni, Kebon Tiwu, Kebon Manggu, Riung Kuntul, sste. Sacara hengteu langsung mangrupi informasi kaayaan mangsa eta. Potret, rekaman Tasik masa lalu.

Pemandangan sanesna dina ampran rtanca anu sakitu legana, kuntul nangtung papak sareng tutuwuhan cai, parentul bodas, mayakpak sapanjangna.

Situ Gede taun 50-an, palih kulon parantos pinuh ku eceng gondok, kaayaan flora-fauna mangsa eta masih asri alami, aman damai kangge kolompok kuntul. Teu acan patos seueur tangan-tangan tegaan mergasa kuntul. Harita rungkun-rungkun enceng cetuk ku warna bodas, sanes kembang eceng, nanging warna bulu kuntul, pucukna hulu kuntul ulang-ileung pinuh waspada. Upami dicaketan, kolompok kuntul hiber katawuran kamana karep.

Ternyata kuntul sanes hiji-hijna manuk ranca, aya dulurna nyaeta Walik sareng Bango. Nanging Bango henteu eleh jajanten, diabadikeun janten merek dagang kecap.

Trio Kuntul, Walik sareng Bango kompak milih ranca janten habitatna. Hiji alesan anu sami : ranca gudangna lauk lalembut, tilu manuk sami-sami penikmat swamp-food (swamp = ranca). Hal eta anu janten marga lantaran trio manuk sering migrasi nguber-nguber ranca anu masih subur ku lauk lalembut. Tuh … kan ahirna trio manuk dianggap janten pesaing para pengail atanapi murangkalih anu sering mapay-mapay sisi situ ngadon nyair.

Jaman ngagulusur, mangsa aman-damai kangge bangsa kuntul ngadadak sirna. Sairing sareng mahabuna para pangjaring, panyumpit, panembak, panumbak, sste. Oge alih fungsi Situ Gede janten areal wisata, oge ranca janten pasawahan sareng pamukiman. Dina waktos singget populasi bangsa kuntul nyirorot tajem.

Ayeuna daging kuntul seueur digemari ku penduduk kampung, diical di padagang daging goreng, atanapi nyumponan pesenan ti pihak-pihak anu meryogikeun. Daging kuntul relatip mirah, raosna ampir setara sareng daging dara (japati). Katenan anu mopolahna para ibu anu seneng pasakan daerah.

Ku pandangan awam aya pro aya kontra, anu pro aya kaitan sareng rupiah oge hobby, anu kontra (upami wantun tampil) ukur tiasa ngurut dada, ngaraos henteu satuju ku operasi pemberantasan besar-besaran bangsa kuntul. Halo … halo … where are you Green Peace ? Myday mayday (saur bangsa kuntul).

Masyarakat sabudeureun Situ Gede ayeuna janten langki mendak abringan kuntul. Sami halna sapertos leungiteun abringan Kalong, Manuk Piit, Manuk Gareja, sste. Ukur kapirajeunan ningal dua-tilu kuntul nganjang kana eceng gondok, ngadon milari lauk lalembut sesa nelayan. Teu sadar ti katebihan mangpuluh-puluh pasang soca ngintip, dina ukuran singget sababaraha kuntul tiwas. Anu salamet ukur hiji, ngapung teu puguh arah., kuntul anu ieu janten solois. Ber kaditu ber kadieu milari bangsana.

Urang percanten, di hiji tempat anu tebih ti Tasik tangtos masih aya hiji titik anu masih pinuh ku kuntul. Di dinya para kuntul nyusun deui bangsa kuntul disarengan impian ngadegna deui kabangsaan kuntul anu jaya sapertos jaman karuhunna.

Sacara filosofis dua manuk, hideung-bodas janten perlambang pribadi. Hideung identik sareng awon, berkabung. Warna bodas condong kana kasucian, kasaean. Hideung sareng bodas, dina hirup kahirupan sadidinten diadopsi ku rupi-rupi hal, sapertos : warna biji catur, warna standar foto, warna raksukan bell-boy sareng para patugas magang, sste. Dina dunya persilatan, kauningan aya golongan putih aya golongan hitam. Kombinasi hitam-putih oge janten warna lambang ying-yang.

Peryogi di emut, henteu salamina anu hideung (berwarna) awon, oge henteu salamina kaum putih sae. Sae sareng awon gumantung kana tekad, ucap sareng lampah pribadi masing-masing. Kum ditujukeun ka sing saha sareng urang mana, oge sagala jaman.

Emut kana kasauran sepuh : Bener moal pahili jeung salah. Nanging … kangge mangsa ayeuna, naha ungkapan eta masih relevan ?

Pur kuntul kari tunggul lar gagak kari tunggak, kuntul sareng gagak hiber duka ka mana, anu tinggal sanes tunggul sareng tunggak (kaina oge seueur anu paratos dituaran), anu tinggal kantun ngaran dua manuk, nyampay dina emutan anu kantos ngajamanan.


*******

Seratan ieu h
iji pedaran ti Kang Andri S Krisnaya,  diposting oge di group TTD ping 3 Maret 2010, jam 1:39 WIB

No comments:

Post a Comment

linkwithin

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...