Saturday 15 October 2011

Kaulinan & Kakawihan Barudak di Tatar Sunda Baheula (1)

Kahirupan barudak di jaman baheula jauh pisan tibatan barudak ayeuna, terutami dina hal kaulinan. Perkembangan teknologi informasi jeung leungitna bahan kaulinan kanggo barudak saeutik saeutik tos teu aya & (hampir) kabudayaan rahayat urang (khususna brdk di Tatar Sunda) tos leungit.

Kaulinan barudak baheula jeung siloka na

péclé (sondah)
Kiwari mah jarang pisan ningali barudak arulin sapertos kaulinan barudak jaman baheula (permainan rakyat) nu aya di buruan imah atanapi di lapangan-lapangan & tempat-tempat kaulinan sanesna. Barudak ayeuna mah ulina teh malah leuwih enakeun jeung barang-barang nu geus jadi nu siap dipeser di toko-toko, swalayan maupun Super Market/Mall sapertos Play Station, Video Game, atawa alat-alat kaulinan nu ngandung teknologi (maen Game lewat FB) & nu tos ngurangi nilai utama tina kaulinan tsb yaitu interaksi dan sosialisasi.

Barudak baheula mah, kaulinan teh berhadapan langsung sareng alam & lingkungan sekitarna, malihan kaulinan peuting teu sarua jeung kaulinan isuk-isuk, sonten & weungi. Sajabi ti eta, cuaca & musim oge sok nentukan ciri khas tina kaulinan barudak baheula, tapi barudak ayeuna mah heunteu apal kana waktu, tempat jeung musim. Iraha wae, dimana wae maranehannana mah bisa ulin sabebas-bebasna.

Ceuk Bahasa Indonesia na mah :

Semakin merosotnya peran seni permainan ini dikhawatirkan akan menciptakan suatu kondisi erosi budaya, di mana nilai2i tradisi rakyat akan semakin mengalami degradasi dan kepunahan. Pada gilirannya, kekhawatiran itu akan berpengaruh besar pd perubahan cara berpikir, pandangan hidup atau cara bertindak generasi skrg ke sisi individual yg sama sekali tidak mencerminkan nilai utama kerakyatan, suatu tempat akar rumput di mana mrk lahir, tumbuh, dan berkembang. Atau inikah salah satu sebab knp psikis, dan toleransi anak-anak skrg jd berbeda dgn anak-anak jaman dulu?

Berikut ieu Kaulinan dan Kakawihan barudak nu biasa rutin di angge di Tatar Sunda Jaman Baheula :

1.

Ayang-ayang gung
Gung goongna rame
Menak ki Wastanu
Nu jadi wadana


Naha maneh kitu

Tukang olo-olo
Loba anu giruk
Ruket jeung kompeni

Niat jadi pangkat

Katon kagorengan
Ngantos Kangjeng Dalem

Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
Jalan ka batawi ngemplong (Kalimat ieu jarang diangge)

Lagu ieu nyaritakeun masyarakat di hiji wilayah anu sahéng (Ayang-ayang gung Gung goongna ramé) nyaritakeun kalakuan pamingpinna nyaéta ménak Wastanu nu jadi wadana. Pangna diaromongkeun téh kusabab kalakuanana olo-olo (naha manéh kitu – tukang olo-olo), giruk — ruket (ngabalad jeung kumpeni). Tujuanana mah taya lian sangkan bisa naék pangkat – sanajan bari jeung (kalakuan kitu téh) goréng. Ninggali wadana anu kitu petana, saenyana rahayat ngaharepkeun dalem – tapi dalem ogé sarua misleukna (Ngantos kang jeung dalem, Lempa lempi lempong, Ngadu pipi jeung nu ompong) Ngeunaan jalan ka batawi ngemplong bisa dihartikeun yén pamingpin jaman baheula ogé leuwih oriéntasi ka luhur alias ka batawi.

2.
Jaleuleu ja
Tulak tujaeman, gog
Seureuh leuweung, bay
Jambe kolot, bug
Ucing katinggang songsong, Ngek!

Jaleuleu ja. Lagu ieu téh cenah dijieun dina mangsa tatar Sunda diserang ku Mataram.

Lagu « jaleuleu ja » aya anu nyurahan siga kieu :

Jaleuleu ja ( aya Jawa)
Atulak tu ja éman, gog (Nitah ka jang Eman lamun aya Jawa kudu nagog – pasang kuda-kuda, hartina kudu siap-siap)
Seureuh leuweung, bay (seureuh leuweung téh biasa ogé disebut gebay, bentukna siga taméng – kukituna lamun aya Jawa, salian ti kudu siap téh – nagog – téa, ogé nyiapkeun taméng)
Jambé kolot bug (jambé kolot téh di Sunda mah disebut jebug – jadi lamun musuh datang – kudu digebug)
Ucing katinggang songsong, Ngék !! (ngagebugna nepi ka siga ucing katinggang songsong – ngék !! ..….)

3.

Truk truk brung
Truk tru brak
Buntut lutung panjang rubak
Dikenyang-kenyang barudak
(Dicentok-centok barudak)

Barudak salawé widak
Nyèd em – nyed eem
Nyed nyed em
Nyed- nyed em


Diartikeun : Truk-truk brung. Lamun kalakuan kuwu, wadana, dalem saperti anu disebutkeun di luhur, tong anéh lamun rahayatna malarat. Bayangkeun waé, sarubak-rubakna/sapanjang-panjangna buntut lutung, tuluy dikenyang-kenyang barudak, mangkaning salawé widak. Ceuk bahasa ayeuna mah kaayaan kitu téh ngagambarkeun silih bagi kamiskinan (shared poverty).

4.

Néngnang néng prak
Térélék embé janggotan
Pa kuwu kariaan
Laukna lauk bilatung
Kéjona kéjo gandrung
Trangtrung bedog buntung
Trungtrang bedog rompang
Hét hét embé janggotan
Kélék monyét héhéotan
Badubanglpak dug blem


Maksdna : Néng nang néng prak. Lagu ieu mah ngagambarkeun kuwu pedit kariaan (sigana juragan kuwu téh janggotan kawas embé). Susuguhna ogé kapan lauk bilatung, kéjona – kéjo gandrung.

Masih seueuer keneh kaulinan & kakawihan nu sanesna di Tatar Sunda. 


Jadi Kaulinan & Kakawihan Barudak baheula teh selain sebagai suatu kabudayaan rahayat, bisa berperan sebagai alat rekreasi juga bisa jadi sebagai alat pedagogik yang mendidik anak-anak untuk berjiwa sportif & menyiapkan mereka agar selalu siap berpartisipasi dalam kehidupan bermasyarakat kelak.
_______________________

Referensi ti berbagai sumber.

Post di group Urang Sunda Ping 14 April 2011 jam 18:55 PM ka Grup TTD ping 13 Oktober 2011 jam 2:55 PM

No comments:

Post a Comment

linkwithin

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...