Saturday 15 October 2011

Kaulinan Urang Lembur Atawa Kakawihan Barudak di Tatar Sunda Baheula (2)

pérépét jengkol
ieu mah nambihan catatan tinu kahji, nu tos diposting didieu

Ngahaja dijudulan maké « atawa », sabab asa acan aya kasapogodosan ngeunaan istilah. Lamun disebut kaulinan, kapan loba ogé kaulinan anu séjén saperti panggal, sérmen, galah, ucing sumput, jsb, ; pon kitu deui lamun dijudulan kakawihan wungkul, loba ogé kakawihan anu séjénna. Tapi palebah kakawihan anu ieu mah rada khas, sabab lamun ditilik-diantarana aya hubungan antara kaulinan jeung kakawihan. Kukituna, judul ana rada pas mah sigana kaulinan budak lembur anu dikawihan (sok sanajan kanyataanana teu kabéh kakawihan aya kauliananana). Tapi pikeun arguméntasi mah, kakawihan ogé bisa dianggap kaulinan.


Istilah kaulinan urang lembur ogé sigana mah anyar (pertengahan taun genep puluhan), sabada ieu « kaulinan » dibawa ka panggung (dijadikeun tongtonan).

Naon anu ditulis dihandap ieu, sagemblengna hasil tina ingetan, hasil nengetan para senior / para ahli nu sok manggung (teu kingsi prak sorangan). Biasana lamun aya acara arinyana sok kaul. Nya dina kasempetan éta sok pareng merhatikeun (bari jeung teu kungsi dicatet). Ku kituna lamun loba kekecapan anu salah ; katambah lamun ditilik-ditilik dina éta kakawihan téh loba ogé kekecapan anu teu jelas pihartieunana, neda dihapunten. Atuh ka anu uninga, aya kasempetan pikeun ngoréksi atawa ngoméan. Saenyana lamun aya anu leukeun mah, tiasa dicék deui ka aranjeuna anu kantos manggungkeun ieu kaulinan urang lembur. Sadaya kakawihan téh teu aya judulan, minangka anu disebut judul téh nyaéta baris kahiji tina lagu.

Neuleuman eusi rumpaka, aya sababaraha hal nu narik pikeun bisa diinterpretasi :

1. Bahasa Sandi

Kakawihan mangrupa alat anu digunakeun ku masyarakat, sangkan naon anu aya dina gerentes haténa teu kaharti ku batur anu aya di luar komunitasna (bahasa sandi). Contona, lagu ambil-ambilan bisa jadi aya patula-patalina jeung kondisi urang sunda harita anu rék dijadikeun kuli (meureun dijjieunna dina jaman penjajahan); nu matak basa aya anu rék diambil, dijieun mangrupa-rupa alesan.

2. Ngagambarkeun kaayaan.

Lamun analisa di luhur bener, kakawihan téh bisa jadi dijieunna patula-patali jeung hiji kajadian (aya faktor waktu). Contona, jaleuleu dikira-kira jaman Dipati Ukur, Ehon berod dijieun dina jaman penjajahan, nya kitu ogé ayang-ayang gung. Tina lalaguan ogé, urang bisa ninggali kalakuan bangsa Cina dina jaman penjajahan. Kapan waktu si Roji meuli paku, ku babah teu dibéré, malahan pokna téh mata sia. Palebah dieu urang ogé bisa ngakurkeun jeung sajarah, utamana posisi Cina dina Jepang anu sigana mah meunang posisi khusus (dai nippon nu kawasa).

3. Ngaramalkeun ka hareup.

Waktu Sukarno tibeubeut tina kalunguhanana, anu kababawa téh lain ngan ukur manéhna, tapi ogé anték-antékna. Ninggali kaayaan kieu aya nu nyarita, cenah « oray bungka » – baca Bung Karno téh jadi kanyataan, kabeh anu nutur-nutur (dipandeuri) Bung Karno kalaut.

4. Ulin kecap.

Dina lagu éhon bérod, bangbang kalima – lima gobang, santri maan dodol katinggali padalisan anu tungtung dijadikeun padalisan anyar.

5. Kaulinan dina hiji kaayaan, contona dina ojok-ojok uang – aung, ojok ata iti.

6. Heureuy biasa, saperti dina pérépét jengkol, cingcangkeling, disurung ungkug-ungkugan (bulu irung digelungan, bulu kéléh dilélépét)

Analisa di luhur éstuning dipapantes, dina sababaraha hal ngan saukur interpretasi, leres jeung henteu na mah kedah digali ku ahlina. Tapi kalah kumaha ogé ieu téh kabeungharan urang sunda.

___________________________

Referensi ti berbagai sumber


di post ka Group Urang Sunda ping: 25 April 2011 jam 15:17 PM  ka Grup TTD ping 13 Oktober 2011 jam 2:59 PM

No comments:

Post a Comment

linkwithin

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...